Senin, 02 Februari 2009

Siap & Istri Tentara

Cerita Kenangan waktu Aster lahir (budak anu kahiji). Kuring ditugaskeun ka Bali, padahal pamajikan keur bureuyeung waktuna ngajuru. Untung aya pun adi Tin Sakri.


Pikeun tentara mah ucapan "siap" teh kawas geus nonghol di antara dua biwir, lamun digebrag saeutik bae ku parentah, langsung dijawab spontan "siaap!". Aya hiji kajadian "siap" anu lucu. Dina hiji poe, kuring nyaksian Letnan hiji jeung Sersan adu regeng parea-rea omong. Teuing naon pasalna mah, tapi sigana pa Letnan teh kapepet eleh argumentasi. Na atuh ari gorowok teh manehna mere komando, "Siap, kamu!" "Siaaap!" ceuk si Seran spontan bari langsung sikap sampurna. "Bubar", ceuk pa Letnan. Si Sersan balik kanan, tuluy ngaleos indit ninggalkeun pa Letnan. Perdebatan rengse.

Kuring oge kungsi katiban "siap", sanajan keur nyanghareupan persoalan kulawarga. Harita, waktu pangkat Kapten, kuring ditugaskeun marengan tentara Singapura ka Kodam Udayana Bali, saminggu lilana. Padahal, pamajikan (Tjut Hayatun Safrina) keur bureuyeung ngandung anak anu kahiji. Saur Dokter, dina minggu-minggu ieu pibroleunana ngajuru the. Kuring ngajukeun kaabotan ka Komandan bari nerangkeun yen pamajikan waktuna ngajuru. "Ini perentah!" saur Komandan, "Cuma kamu yang pantas mendampingi tamu Singapura ini. Laksanakan!" saurna tegas, nada parentah. "Siap. Laksanakan!" ceuk kuring spontan bari sikap sampurna, sanggeus saluir, mere hormat, tuluy balik kanan.

Kaluar ti kamar Komandan kuring mikir, naha kuring make langsung ngomong "Siap, laksanakan" sagala, padahal lamun kuring nyoba ngeceskeun deui persoalannana, yen pamajilakan waktuna ngajuru, bisa jadi tugas teh dioper ka nu sejen. Bisa wae Komandan teh luntur manah, karunyaeun, kapan anjeunna oge kagungan istri. Tapi, dipikir deui, piraku tentara cengeng. Ahirna, kuring gilig bae rek "melaksanakan tugas dengan sebaik-baiknya". Tilu poe ti harita, kuring miang ka Bali, marengan dalapan urang tentara Singapura tea, naek bis Hankam dibaturan Pembantu- letnan. Pamajikan ditungguan adi awewe Tin Sakri (Nuhun Tin), anu ngahaja datang ti Bandung jeung dititipkeun ka tatangga papada tentara.

Gancangna carita, balik ti Bali langsung ka komplek. Datang ba'da magrib, manggihan imah teh paroek, sepi. Ceuk tatangga, tadi sore pamajikan teh dianteurkeun ka rumah sakit (RSCM). Datang ka rumah sakit, alhamdulillaah bayi teh geus lahir, awewe (Aster Permatasari), ditungguan ku adi jeung tatangga. Budak jeung indungna salamet, sanajan bayi teh lahirna dibantu ku alat. Karunya teuing ku indung budak, ngalahirkeun teu ditungguan ku salaki, padahal ngalahirkeun anu munggaran. Tapi nyakitu atuh, risiko jadi istri tentara.



(Foto di luhur: Aster umur 5 taun)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar