Jumat, 30 Januari 2009

Salamet gara-gara taledor

Poe Kemis, tanggal 29 Januari 2009, pukul satengah dua janari, opat urang penjahat gagal maling mobil tatangga gigireun imah, lantaran kaget ngadenge sora alarem mobil kuring. Padahal pintu pager beusi geus kabuka, diruksak make gunting tralis. Hanjakal malingna henteu katangkep, lantaran kaburu kabur make mobil anu diparkir hareupeun imah.

Harita teh, anak kuring Andika Rizki keur anteng lalajo pilem TV. Manehna curiga ngadenge sora mobil bulak-balik di jalan hareupeun imah. Ari ditoong tina jandela bener aya mobil jalan lalaunan, muter, terus parkir hareupeun imah.

Lantaran bisi kumaha onam, da mobil kuring diparkir di carport deukeut panto pager, anak kuring mencet remote control maksudna keur ngayakinkeun yen mobil teh dikonci. Henteu disangka-sangka alarem mobil disada tarik pisan jeung ribut. Atuh tatangga harudang, pikiranana imah kuring kaasupan maling. Numatak alarem disada panto mobil nutupna kurang rapet, gara-gara pamajikan anu markir mobil taledor nutup panto mobil henteu sampurna, padahal biasana pamajikan teh cerewed pisan kanu sejen mah, omat-omatan panto mobil kudu dikonci.

Tah gara-gara pamajikan taledor tatangga salamet henteu jadi kapalingan mobil. Saur Pa Ustadz, ieu kajantenan teh sanes ”kaleresan” taledor, tapi Allah anu ngatur.