Sabtu, 27 Maret 2010

Rubrik Basa Sunda


Silih Tulungan

Pukul dua belas tengah peuting aya istri sepuh, bajuna rapih nandakeun lain jelema samanea, ajeg ngajanteng di sisi jalan tol di Alabama, Amerika. Mobilna mogok. Geus lila nangtungna teh, padahal hujan ngagebret dibarengan angin gede ngagelebug. Dina kaayaan jibreg, istri sepuh teh nyoba ngeureunkeun sakur mobil nu ngaliwat, bet teu aya nu malire, pedah kulitna hideung, negro. Tapi ahirna, aya oge jajaka bule anu eureun, daek nulungan.

Sigana, si bule ieu mah henteu paham kana konflik etnis anu harita, taun 1960-an, keur meuweuh di Amerika, anu ngakuna rajana demokrasi. Si bule mawa ibu negro tea ka tempat pikeun neangan bantuan jeung mangneangankeun taksi. Sanajan buru-buru, ibu negro teh kungsi nyatetkeun alamat si bule anu nulungan anjeuna.

Saninggu sanggeus eta kajadian, jajaka bule narima kiriman televisi warna anu gede (taun 1960-an mah hargaan pisan). Amplop anu nempel dina televisi ku manehna dibuka, aya surat anu unggelna:

"Nuhun pisan, anak parantos nulungan ibu anu keuna musibah waktos wengi di jalan tol tea. Hujan anu ngagebret sanes bae ngaguyur sakujur badan ibu, tapi oge kalbu ibu. Untung aya salira anu kersa nulungan ibu. Ku ayana pitulung salira ibu masih kabujeng nungkulan caroge ibu anu nuju sakarat ……. dugi ka pupusna. Mugi-mugi Gusti Anu Welas Asih maparin ganjaran ka salira, anu kagungan hate mulia, kersa nulungan ibu. Salam, Ny. Nat King Cole".

(Saduran tina buku Segelas Susu, Kumpulan Cerita Bijak, karangan Rahkita Jati OMI, Yayasan Pustaka Nusantara)

Nat King Cole

Islam nganjurkeun pisan kana silih tulungan teh. Tulung-tinulung anu dianjurkrun ku Islam nyaeta tulung-tinulung dina kahadean jeung taqwa. Dawuhan Allah: "Jeung tulung-tinulung aranjeun dina kahadean jeung taqwa, ulah tulung-tinulung dina migawe dosa jeung ngarempak larangan". (QS. Al Maidah:2). Silih tulungan dina kahadean ngarupakeun pagawean anu hade. Allah mekaresep ka sakur jalma anu migawe kahadean. Dawuh-Na dina Quran surat Al Baqarah ayat 195: "Jeung balanjakeun (harta banda anjeun) di jalan Allah, sarta kahade anjeun ulah ngalibatkeun diri sorangan kana kabinasaan, jeung pigawe kahadean, lantaran Allah mikaresep jalma anu migawe kahadean." Sajaba ti eta, sabda Nabi: "Pitulung ka jalma anu teu walakaya ngarupakeun sodaqoh anu apdol pisan" (HR. Ibnu Abi Addunia dan Asysyihaah). GS

Jalma Kudu Rea Batur

Manusa kaasup mahluk sosial anu hirupna gumantung ka papada manusa. Kukituna pikeun ngalaksanakeun hirupna jalma teh kudu loba batur jeung silih tulungan. Di handap ieu aya pituah eyang baheula, pitutur sepuh kapungkur, anu dirakit jadi dangding. Mangga kawihkeun, mun teu salah mah Magatru.

Jalma Kudu Rea Batur

Utamana jalma kudu rea batur. Keur silih tulungan. Silih titipkeun nya diri. Budi akal-budi akal lantaran ti pada jalma. (GS)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar